Papanggalan mah kaulinan atawa karesep budak lalaki anu umurna rata- rata 6 nepi ka 15 taun. Waktu ulinna ti beurang atawa pasosoré. Panggalna dijieun tina kai anu tareuas, saperti jambu batu, jambu aér, nangka, jeruk bali, jeruk garut, galinggem jeung sajabana. Supaya babari tuhur atawa garing sarta lamun panggalna keur muih bisa disada, ngahiung.
Panggalna teu béda ti jambu batu, endog meri atawa siki jambé. Dirautan dilemes-lemes ku hampelas. Sawaréh mah sok aya nu dibubut sagala rupa, mani lemes tur leucir balas ku dikosokan jeung diusapan. Disebutna panggal aseupan.
Dina palebah bujurna atawa buntutna dipaku meunang motong pepentulna supaya dempes. Aya ogé sawatara panggal nu pakuna siga kampak. Sina gepeng jeung seukeut kawas kampak. Ambéh dimana ditinggangkeun kana panggal nu batur bisa bocél atawa nepi ka beulah.
Cara muihkeun panggalna, panggal téh dibeulitan ku tali rara atawa lamak ti mimiti tungtung paku dina bujurna nepi ka lebah awakna rada kabulen kabéh. Tungtung rara téa ditalikeun sina menyendul geusan pamageuh, heug dicapit ku sela-sela jariji jeung cinggir. Hulu panggalna dicekel ku indung leungeun, ari lebah pakuna ditahan ku curuk anu katuhu. Tuluy dialungkeun rada dibeubeutkeun ka hareup kira-kira dua léngkaheun bari rada dicentok atawa dikenyedkeun. Panggal téh muih ari rarana ngarumbay tina leungeun. Lamun pareng panggalna teu muih disebutna lasut atawa paéh.
Lamun panggal nu keur muih téh dieurad tur rada diapungkeun, prak disanggap atawa ditampan, éta disebutna diunda.
Papanggalan mah tara ngahantem saban waktu tapi aya usumna. Rata- rata dina usum hujan munggaran sok aya buruan anu lening da kekebul jeung kokotorna kabawa palid ku cileuncang. Tah di nu kitu barudak sok resep nyieun kalangna téh. Ambéh atra buleudanana. Di jero kalang panggal téh dita- reundeunna. Digundukkeun ku sing saha anu rék ngadu (maén) panggal.
"Boga sabaraha hiji silaing panggalna, Jé?" omong Oyek ka Ejé.
"Ah, ngan boga sasiki uing mah," walon Ejé.
"Hih, naha atuh lain mawa sérep dua-tilu siki mah. Kumaha kéh, lamun beletak kabeneran beulah sakali jadi ditinggang ku panggal "Si Gangas". Beu- nang ngampak bieu haneut kénéh yeuh," omong Oyék bari ngénéng-ngénéng panggal ka Éjé.
"Wah, tong sombong kitu lah, kumaha engke baé prungna. Ayeuna mah acan der-der acan papanggalanana ogé. Barina ogé uing mah teu kabita ku panggal beunang ngampak téh. Sok sieun negtog kana suku, matak cilaka. Atuh mun nyeceb kana panggal batur, matak piomongeun deuih," témbal Éjé ulatna rada bangkenu.
"Tong waka paréa-réa omong, teu hadé!" cék Idris, misah. "Sok urang mimitian baé. Geus aya limaan geuning ieu téh."
Prak nyieun kalang buleud ku paku panggalna. Gedéna kira-kira sagedé cécémpéh.
"Sok atuh geura taralian panggalna!" cék Idri, ngaluluguan.
Babaturanana anu opat, Aléh, Ibo, Oyék jeung Éjé geus ngarariung buleudan téa, nurutkeun omongan Idris.
Panggalna geus dicarekel. Kari prung, medi atawa ngamimitian, "Hiji, dua, tilu........,” ceuk Idris. Ngong sareréa ngawih:


Tung - tung - brung Kali tanjung Barangbang kali parangpang Padakutik padasemprung


Bruk brak
Bulu lutung panjang rubak Ditepak tepak ku budak Padakutik padasemprung.


Breng panggalna diparuihkeun dina jero kalang téa, bareng.
Panggal Éjé paadu jeung panggal Ibo. Beletak cleng panggal Éjé ngacleng tuluy paéh. Panggal Ibo mah muih kénéh sakeudeung.
“Kapaksa euy, déwék jadi kutikna," cék Éjé.
"Keun déwék jadi mandor kutik," cék Ibo, da muihna ngan sakeudeung. Tuluy nyaksian panggal Aléh, Idris jeung Oyék anu masih kénéh maruih di jero kalang. Teu lila golépak nu Aleh paéh disusul ku nu Idris.
"Hahahahah........déwék jadi Raja," cék Oye ngagakgak bungah, sabab panggalna muih pangleletna.
"Déwék kabeneran jadi Patih, Si Aléh, Mantri nya?" cék Idris bari nalian deui panggalna.
Kutik atawa Mandor kutik kudu pangheulana muihkeun panggalna.
Arulin Di Palemburan PAPANGGALAN
Mimiti Éjé anu muihkeun panggalna téh. Ditimpah (ditinggang) ku Ibo. Panggal Ibo kabeneran teu muih. Atuh pangkatna téh kapancal ku Éjé. Panggal Ibo jadi pada nimpugan ku Mandor kutik, Mantri jeung Patih. Kabeneran anu narimpuganana ogé teu maruih. Atuh opat panggal kapaksa digundukkeun dina jero kalang, sina ngagalolér.
"Hahahah........Déwék nu mujur. Jadi Raja kudu ninggangan panggal saopat-opat. Pulen. Abong mun teu nyeceb téh. Maseuk kana panggal ma- ranéh........" Oyek bangun ujub naker.
"Tenjokeun boa aya nu bencar ku déwék," bari nyakakak bungahna leuwih ti misti. Asa aing nu pangpunjulna.
"Pek lah geura timpah. Buktikeun tah panggal déwék nu pangtengahna,"
témbal Éjé nu teu wéléh ngarasa keuheul ku Oyék.
Oyek taki-taki rék nimpah panggal nu opat téa. Koléang, beletak ........ panggal Oyék muihna tibalik. Pakuna jadi ngacung ka luhur. Geerr..... pada nyaleungseurikeun. Pada nyurakan.
"Hore aya Raja teu berek muihkeun panggal-panggal acan," ceuk Éjé asa punah kakeuheulna.
"Wah meureun baé kurang kenceng nalianana,” cék Oyék bari top kana panggalna, ditunda dina jero kalang. Pada nimpugan ku opatan.
"Karunya, nya, aya Raja turun harkatna sababaraha tahap, nepi ka nu panghandapna," Éjé mapanas Oyék.
"Keun baé da kudu pada ngasaan kagiliran jadi rahayat. Kumaha capéna jeung ripuhna nyokot panggal sorangan. Mérésan nu batur, digundukkeun dina jero kalang. Nyokot nu ngacleng jauh. Acan kudu kokorondangan ka kolong imah, jaba loba tai kotok deuih anu kacagap. Ripuh jadi Kutik mah. Teu cara jadi Raja puguh gé. Ngan kari ninggang nu batur wungkul," cék Idris.
"Heueuh jeung enyana kitu," sambung Ibo. "Keun urang angon Raja sombong téh. Urang kékéak, sina ngarasakeun."
Ari diangon téh nya éta, panggal Raja dihantem pada ninggangan sina kaluar tina jero kalang. Panggal nu ningganganana ulah nepi ka teu muih atawa paéh. Supaya nu diangonna anteng, rada lila. Lamun aya nu teu muih, éta nu kapaksa ngaganti jadi Kutikna. Ngaganti nu keur diangon.
Oyék beungeutna bareureum sabab éra pada mapanas. Katurug-turut diangonna lila deuih.
Geus kitu panggal Aléh negtog kana tatapak imah Bah Asih, atuh teu muih. Panggal Aléh kapaksa ditawan, dikerem ka jero kalang.
Beungeut Oyék kaciri rada marahmay deui da kabeneran rék nimpug, jadi
Mandor kutik.
Sanggeus pada kagiliran jadi Kutik, papanggalan téh enggeusan. Geus carapeeun.
Anu tadi rada panas, rék paraséa téh jadi rarapih deui. Da kitu biasana ari jeung babaturan mah.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Categories:

3 Responses so far.

  1. Saung Web says:

    beu jadi emut keu leutik.. nya ieu kaulinan teh.. pan kantos di rampas bu guru sabab tembok/floor sakola pada rusak dipakai pake papanggalan...

    hehee.. wilujeng boboran shiam ki dulur..

  2. sim kuring mah asa teu ngalaman maenan ieu..

Leave a Reply

Share

Widgets