Lamun kabeneran saralsé, barudak anu sapantar duaan, tiluan atawa leuwih sok arulin ucing-ucingan di buruan. Ucing sumput, susumputan atawa ucing hong disebutna téh, sabab lamun budak anu keur nyumput heug kapang- gih ku ucing, ucing téh sok gentak nyebut "hong" sarta nyebut ngaran nu nyumput kapanggih téa, tuluy lumpat paheula-heula ka tempat pameungpeun- an ucing, atawa sasayangan.
Saméméh der ucing-ucingan, barudak téh sok ngariung heula narangtung deukeut pisayangeun anu ditangtukeun, upamana tangkal jeruk garut anu jadi di buruan. Mimiti dibilangan heula ku budak nu panggedéna, ditunjukan ku curuk bari dikawihan:
"Cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng........!"
"Si Ajum ucingna!" cék Didi anu ngaluluguan, lantaran waktu nyebut
"buleneng" meneran nunjuk ka Si Ajum.
"Heeh nya, Si Ajum ucingna! Pek geura meungpeun dina sayang! Sing buni meungpeunna, ulah meungpeun ayakan!" cék baturna nu séjén bari tuluy pasulabrengan nyarumput pabuni-buni, aya nu di pipir imah, di pipir leuit, di kolong imah, di pongpok dapur, di pipir kandang domba, dina sela-sela dapuran cau jeung sajabana.
"Enggeus?" ceuk ucing bari meungpeun dina deukeut tangkal jeruk téa.
"Enggeus!" témbal salah saurang nu nyumput.
Tuluy ucing téh ingkah tina sayang rék néangan anu keur nyarumput. Panonna teu weléh taki-taki bisi kapoosan, aya nu ngabongohan ngandih sayangna teu kaburu ka "hong" keun.
"Ulah baruni teuing atuh nyarumputna!" ceuk ucing nu geus rada lila kukurilingan néangan anu keur nyarumput téa, teu kapanggih baé.
imah.

"Kikirikik!" cenah, cék Si Ahya méré tangara panyumputanana di kolong


"Hong tah, Si Ahya di kolong!" cék ucing bari dongko nempo kana
palebah sora kikirikik téa. Tuluy lumpat tipaparétot muru muntang kana sayang sieun kapiheulaan ku Si Ahya.
"Meunang urang, ti heula eunteupna!" cék ucing.
"Heeh lah, déwék éléh, jaba sirah bancunur tidagor kana darurung euy!"
cék Si Ahya bari ngusapan sirahna nu nyeri.
"Kukulukuk........!" aya sora diempétkeun ti dapuran cau.
Srog ditéang ku ucing ka lebah dinya, teu lila ucing ngagorowok, "Tuh Si
Didi dina dapuran cau! Hong beunang!"
Bérébet balap jeung ucing paheula-heula ka sayang.
"Heula déwék!" cék Si Didi bari rugah-regéh, capéeun.
"Wah pinter! Tuda tarik lumpatna silaing mah!” cék ucing rumasa éléh jajatén.
 Arulin Di Palemburan UCING SUMPUT

"Sok buru-buru, téangan nu séjénna ulah ngendog atuh!" cék Didi anu gek diuk dina golodog awahing ku capé.
"Sing baruni euy nyumputna, bisi kaambeueun ku ucing! Ucingna ogé ngendog! Téang geura endogna, geus sabaraha hiji dina sayangna?"
"Cing korolok bodogol cau ucing ngokok boolna bau!
Cing gogog, digogog anjing
Ucing nagog siga rék ngising........!"
cék Si Ahya jeung Didi mapanas ucing.
"Sing awas euy éta aya ucing nyasab! Kadé euy kadé, aya ucing leuweung........!"
"Cing dul, put lér,
ucing ka kidul nu nyumput mah los ka kalér!"
"Kadé euy, kadé........!"
Rey beungeut ucing téh beureum, ambek jeung capé jigana.
Lamun nu nyarumput geus kapanggih kabéh, kakara ucing-ucinganana dijadian deui. Anu meunang balap eunteup kana sayang jeung ucing mah, genah, teu kudu milu dibilangan deui, kari nyumput baé, "dipangsiun" cenah.
Anu aréléh kaasup ucingna, ngarariung rék cingcangkeling deui. Ari geus ngarasa carapéeun kakara enggeusan.
"Beungbeung euy ah, beungbeung........!" ceuk Inoh, “Capé uing mah,”
pokna bari nepakan dada siga nu hareudang.
"Heeh urang ge, beung kahiji jadi haji........!" témbal Uta bari lumpat tina panyumputanana, maturan Inoh, gék dariuk dina golodog, ngaréndéng.
"Ah naon bet lalicik geuning, waka arenggeusan!" cék Uti anu keur jadi ucing tuluy nguriling néangan anu can beungbeungan.
"Beungbeung urang ge........!" cék Didi bari norojol ti kolong leuit.
"Beung kagenep sing salamet........! Enggeusan baé déwék ge, bongan ucingna ngendog........!" cék Ahya tina dapuran cau.
Ucing-ucinganana arenggeusan. Bari ngareureuhkeun capé barudak téh sok tuluy tingrariung deui bari ngahareureuyan ngageuhgeuykeun ucing anu pangpandeurina, raéng karakawihan:
"Saha euy ucingna?
apan éta anu keur depa.
"Di mana euy depana apan éta na sayangna. Poé Ahad sasadia
Poé Senen ngahénén di Salasa ramasbas
di Rebo rambaokan
di Kemis rambisbis poé Juma'ah bebenah
poé Saptu kakara arék ngajuru!"
"Tuh euy ucingna nyumput di juru. Jauhan, jauhan, tong digamahan bisi nyakar ngaherengan!!"
Dikarawihan kitu téh ucing mah ngan bati ambek nyedek baé nu aya, teu wanieun ngalawan ka batur-baturna, saukur némbal, "Paduli naha, barina ogé da ucing bobodoan, moal jadi ucing nyaan........!" cék ucing nu épvs méér bari lewa-lewé rék ceurik.
Lamun ucing-ucinganana waktuna nyedek ka Magrib, anu beungbeung téh sok nyebut, "Beungbeung euy, geus burit sieun disumputkeun jurig!"
"Beungbeung kadua ... sieun aya sandekala ... !"
"Beungbeung ti kolong sieun dirawu kélong .... ah geus burit........!"
Barudak téh tuluy bubar, aya nu ka carai rék bebérésih, aya nu tuluy cat ka imah heula, hayang nginum sabab halabhab.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Categories:

Leave a Reply

Share

Widgets