Pukul dalapan isuk-isuk, atawa leuwih anteb mun disebut murag cireumis cék budak lembur mah, bring barudak nu geus harideng mah arindit, aya nu ngélék carangka, tolombong jeung nyoréndang bureuleung.
Dasa, Uju, Asé, Arip jeung Endun harita ngaritna mapay-mapay walungan
Cihideung.
Kulantaran jukutna ngarémploh héjo, atuh barudak téh teu kudu lila, pukul sapuluh ogé geus beubeunangan. Carangka, tolombong jeung bureuleung geus daredet, maruncung pinuh ku jukut anu samakbruk, kayaning bayonah, gagajahan, tali said, alipan, kembang balong, jukut dérbi jeung sajabana.
"Euy, kabeneran can beurang-beurang teuing ayeuna téh!" cék Dasa anu nyuhun carangka. Ulah waka baralik cék déwék mah, anggursi urang ngarojay heula di Gupit Limus, ambéh seger kana awak! Eukeur mah hareudang deuih déwék mah!"
"Heug baé, asal ulah lila teuing da uing mah kudu ngarit deui engké. Acan ngangon deuih, engké bada Asar!"
"Heeh, heug baé!" cék Dasa, “Nu séjénna arék marilu?"
"Nya kumaha ragemna baé, ngan ulah marijah teuing, jeung ulah mareléng bisi aya lulun samak! Da sanget cenah baréto mah Gupit Limus téh
cék indung déwék!" cék Ase bari ngaguprakkeun carangka anu disuhun, cangkeuleun.
Barudak anu limaan téh laju baé ka sisi Gupit Limus, paranti ngojay barudak. Jukut bareubeunanganana ditarunda di sisi gupit, tuluy cucul-cucul baju jeung calana. Jleng, gÉjébur, jleng, gÉjébur........barudak jlung-jleng nungtut tuturubun ngarojay patengah-tengah, papinter-pinter lalangkarakan babalapan ti hilir ka girang, papalidan ti girang ka hilir, mareuntas ti sisi beulah dieu ka beulah ditu atawa ngojay ngurilingan sabudeur gupitan, palila-lila teuleum atawa papinter-pinter icikibung disambung ku pepérangan, silih simbeuh, silih cemplang.
"Ganti ah heureuyna, urang ucing batu geura!" cék Asé ka batur-baturna.
"Bener euy! Tah urang éta, karesep déwék éta mah! Sok geura naréangan batuna, anu rada galedé wéh, ambéh gampang ngarampaanana,” cék Endun.
Barudak téh pada naréangan batu pilihan, anu buleud leucir, lésang supaya teu nyugak lamun katincak.
Sanggeus mareunang batu hiji séwang, tuluy ngarariung narangtung di tengah-tengah gupitan, pada-pada nyarekelan batu, satengah dikambangkeun, lempengan cangkéngna, nu kakeueum ku cai.
"Geus saradia kabéh?" cék Dasa. "Ke urang bilangan heula ku déwék!" Pok Dasa milangan, nunjukan batur-baturna bari ngawih:
"Cing cangkowék aya jeungjing teu akaran, cicing di nu poék hulu anjing dicakaran!"
"Si Arip ucing!" cék saréréa méh bareng.
"Jadi lah!" cék Si Arip anu katunjuk palebah nyebut "dicakaran" cék nu milangan téa.
"Cing rada lila teuleumna Rip, batu nu déwék can kaburu disumputkeun!"
cék Endun.
"Pris!" cék Dasa.
Lep ucing téh teuleum, rada cingogo, barudak nu séjénna geuwat papinter-pinter, pabuni-buni nyumputkeun batuna dina dasar gupitan, sangkan teu babari karampa ku ucing.
Teu lila ucingna mucunghul deui bari ngusap panonna, rénghap-rénghap eungapeun.
Manéhna nanya, "Arenggeus euy?"
"Enggeus! Pris, geus téangan!" cék barudak nu opatan méh bareng.
Geus kitu tuluy ucing ngurilingan sabuder gupit ngarampaan batu anu babaturanana dina jero cai Sakapeung dongko jiga nu kokodok bogo, sakapeung lep teuleum di nu rada jero, pucunghul deui ka luhur siga séro tas néangan lauk.
"Lalicik euy ah, baruni teuing nyumputkeunana meureun!" cék ucing anu panonna geus beureum, ari batu can kapanggih hiji-hiji acan.
"Sapabodo-sapapinter baé, ngaranna ogé ucing-ucingan! Hayoh téangan deui buru-buru, ulah waka ngokok!" témbal Endun nambah-nambah piambe- keun ucing.
Teu lila aya nu karampa ku ucing téh, tuluy diacungkeun ka luhur ku dua leungeun bari ngomong, "Tah euy, beunang hiji, nu saha yeuh? Nu Si Endun, sidik rada karadak!"
"Alah heueuh, nu déwék nya kapanggih pangheulana!" cék Endun ngaku bari rada kuram-kireum semu nu éra pedah tadi tas moyokan nyebut ngokok ka ucing.
Teu kungsi sapuluh menit ti harita mun diwaktuan mah, ucing téh pinter, bangénan néangan batu anu disarumputkeun téa, nungtut kapanggih hiji hiji. Ari enggeus kapanggih kabéh kakara Dasa tatan-tatan rék milangan deui keur ngaganti ucing anu enggeus tadi.
Kitu jeung kitu baé nepi ka meunang sabaraha rintakan kabagéan jadi ucing sakali séwang.
"Geus ah, tiris! Déwék mah mani noroktok kieu kalilaan teuing di cai!" cék
Asé bari tuluy hanjat ka darat, rap dicalana.
"Naon euy, licik Si Asé mah, kawas incu embé baé talukan ku cai! Licik ari déwék keur ucingna mah," cék Si Endun bari rada baéud.
"Heeh ah, kajongjonan teuing heureuy uing ge, sieun dicarékan ku ema, mangkaning téréh Lohor, ari jukut kakarék saiangan ogé can nepi ka imah!" cék Uju bari nuturkeun Asé.
Sanggeus haranjat kabéh, tuluy dibaraju deui, jung nyaruhun jukut sabogana-sabogana, bring baralik pairing-iring.

"Urang cacauan yu........!”
"Hayu........! Hayu........! Hayu........!”
Ulah duaan tiluan cacauan mah, tapi kudu leuwih ti opatan, leuwih réa, leuwih resep, leuwih ramé, kitu tah sapuluh atawa duawelas urang, supaya nu jadi cauna réa, ngarah ucingna lieureun.
"Saha ucingna?"
"Ulah hompimpah, lila, ku kawihan baé.”
Breng ngawih bareng. Gegedug kudu nunjukan nu rék miluan saurang- saurangna. Anu katunjuk panungtungan, kudu tarima jadi ucing.
"Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten plos ka kolong bapa Satar .... bule........neng!"
"Maman ucing! Maman ucing!"

Arulin Di Palemburan UCING BATU

Maman kudu tarima jadi ucingna. Nu séjén nyieun buleudan pakaél-kaél leungeun. Ucing ayeuna dipager ku cau nu pacantél-cantél. Ucing kudu di- peungpeunan panonna, ku saputangan sing buni, kahadé teu meunang licik!
Cau nu mager ayeuna kudu nyebutan ngaranna hiji-hiji.
"Di dieu cau Ambon........!"
Tuluy ditema ku cau Raja, cau Ampyang, cau Kepok, cau Manggala jeung sajabana. Ucing kudu tenget kana sora ngaran rupa-rupa cau tadi.
Ayeuna pager cau téh kakawihan bari ngurilingan ucing anu ngajeten di tengah.
"Leuleuleui .... leui .... leuleu .... leuleuyang ... Cau kuring gedé panjang
Sina asak dina lombang.
Ucing nempas, "Ayeuna arék ditéang! Mun geus asak rék diludang........!" Cau tingcikikik, ucing lieureun rarampa. Gog pager cau téh naragog, jep
jempe. Cau gegedugna nanya, "Héy, saha éta nu cinutrung di dinya?" Ucing : "Di dieu cocodot!"
Cau : "Arék naon loslos ka dieu?"
Ucing : "Kapan arék néang cau sugan geus karonéng!" Cau : "Kesed kénéh, can aya nu konéng, sieuh sieuh!"
Ucing api-api rék indit, "Jeun teuing ah ari can asak mah, ayeuna arék indit baé masing jauh."
Pager cau jempé, masih naragog, ucing rarampa ngarampaan sirah cau. Gap ka nu saurang.
"Yeuh asak .... cau Ambon seungitna mah ....!” Ger surak.
"Horséh .... Utang jadi ucing! Utang ucing ... Ayeuna Utang kudu tarima jadi ucing!"

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit


Categories:

Leave a Reply

Share

Widgets