“Ijah! Ijah! Asuh budak yeuh, Ema rék ka cai!" cék indungna. Si Ijah lumpat ti pipir imah, geuwat nyampeurkeun indungna bari nanya, "Naha rék ka mana kitu ari Ema, bet nitah ngasuh?" "Har apan itu seuseuheun sakitu ngahunyudna. Kudu buru-buru diseuseuhan bisi euweuh pikeun salin!" témbal indungna. "Yeuh budak ais, bebenjokeun sing anteng, da Ema tangtu lila di caina.
Bawa ka mana baé budak mah, bebenjokeun malar anteng!" bari morosotkeun budak tina aisanana, dipindahkeun ka Si Ijah. Budak téh kalah ceurik, bari teterÉjélan hayangeun ka indungna deui anu geus ngaléos ka dapur, rék ngaringkid wadah kumbaheun jeung seuseuheun.
"Yu urang tuturkeun Ema nya bageur, urang milu ka lebak!" cék Ijah bari ngadeungdeung-deungdeung adina anu ceurik dina aisanana, tuluy nuturkeun emana anu rék indit ka cai
NGAWIHAN TÉTÉNGGÉK,kaulinan budak urang sunda
Kawantu di pilemburan, tampian téh anggang ti imah, kudu nyorang tanjakan atawa pudunan, galengan sawah atawa kebon jeung sajabana.
Indungna geus nurugtug ka lebak dina pupudunan ka tampian téa. Ari Ijah mah ngan ukur nepi kana sisi kebon boléd anu di sisi-sisina loba tangkal jarong, saliara, hareuga, sintrong jeung sajabana anu masih kénéh ciibunan, ngadago murag atawa kasorot ku cahaya giwangkara dina wayah haneut poyan. "Geus urang pegat di dieu baé nya Ucu, Ema mah!" cék Ijah ngabangbalérkeun adina. Tuh urang ka kebon baé, nyampeurkeun batur, keur naraon geura mani tingalacreug, ujlang-ajleng!" "Ka dieu Ijah!" cék Uti ti lebah kebon béh lebak. “Teu kabita ngala téténggék, keur ngabebenjokeun budak leweh, heug urang adukeun geura pahideng-hideng!" "Tah heeh, urang ngala téténggék cara batur, nya Ucu?" cék Ijah bari ngeplok-ngeplok bujur adina, anu masih eueuriheun, can répéh baé. "Eh .... eh........,” cenah cék budak, siga nu ngarti kana caritaan lanceukna. Jep jempé ceurikna, sarta tuluy tutunjuk nuduhkeun ka batur anu keur néangan téténggék. "Geus meunang loba Uti téténggékna?" cék Ijah ngagero ti kotakan pasir. "Wah karék tilu siki," témbal Uti ti lebak. "Loba-loba teuing atuh, uing ménta hiji!"
"His, moal, néangan baé kadinyah, tah lebah dapuran saliara, piraku euweuh nu keur moyan, atawa nu keur ngarayap ogé!" témbal Uti. "Ih, ari si pedit!" cék Ijah rada keuheuleun. "Tah aya mani gedé, meunang uing ogé hiji!" cék Ijah. "Rada lobaan atuh ngalana, urang adukeun. Urang kawihan, anu saha atawa anu mana nu panghidengna!" cék Uti bari nérékél ka pasir nyampeur-
keun Ijah. "Yu ah, urang bawa ka buruan, di buruan baé ngawihanana ogé!" cék Uti. "Heug, hayu, uing gé ngan meunang tilu, sugan harideng sakieu ogé!"
"Uing ti heula, ngalayan jeung Ito," cék Titi.
"Pek atuh cekel téténggékna, acungkeun!"
"Titin jeung Ito nyarekelan téténggék diacungkeun bari pok dikawihan, bagilir patémbalan, mimitina Titin ti heula ngawihan:
"Téténggék, téténggék
kuda Pérsi keur anakan
Téténggék-téténggék
Kuda Pérsi keur anakan!"
"Wah ngedul euy, keur ngalulungkut, molor kénéh meureun téténggék manéh mah, sakieu geus moncorong panon poé. Mumul bijil, ngahékok baé di jero imah!" cék Ito ngajÉjéléh Titin anu téténggékna teu daék bijil najan geus dikawihan ogé.
"Geura nu uing mah yeuh," cék Ito tuluy ngawih :
"Téténggék téténggék
kuda lumping rarawisan
Téténggék téténggék
kuda lumping rarawisan
Téténggék Ito ogé angger teu daékeun bijil, ngelol ti imahna. "Euh bareuki molor, karebluk nu maranéh mah!" cék Uti. "Geura yeuh tenjokeun nu kami!" bari pok ngawihan téténggékna nu diacungkeun, "Téténggék téténggék
pangantén keur didangdanan
Téténggék téténggék
pangantén keur didangdanan!"
"Hoyah bijil nu kami mah!" cék Uti mani atoh. Téténggékna ngelolkeun huluna, tuluy beuheungna beuki lila beuki rada panjang sarta tandukna ogé duanana rarancung siga diutak-utek, resepeun dikawihan ku Uti. "Ké kari kami atuh, ulah begér sorangan!" cék Ijah sieun éléh ku batur, pok ngawihan téténggék nu manéhna:
"Téténggék téténggék
pangantén kembang goyangan
Téténggék téténggék
pangantén kembang goyangan!"
cék Ijah.
Ijah jeung Uti tuluy haranjat ka pasir rék ka buruan imah, dituturkeun ku batur-baturna nu séjén aya kana opatanana, anu sarua leungeunna ranggém nyarekelan téténggék. Barang nepi ka buruan, pok Ijah nanya, "Saha nu rék ti heula ngadukeunana?"
Pecenghul hulu téténggék nu diacungkeun ku Ijah ogé bijil, tandukna utak-utek lir anu igel-igelan, resepeun ku dikawihan. "Meunang nu kami ogé nya lah. Sok saha deui nu rék nandingan!" cék Ijah.
Breng barudak téh ngarawihan téténggékna babarengan. Adi-adina anu keur diasuh téh aranteng da kabébénjokeun.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Categories:

Leave a Reply

Share

Widgets