Saméméh arindit ka pangajian, mun pareng pasosoré hade poéna, barudak awéwé nu umurna rata-rata 8 nepi ka 11 taun arulin heula. Itung- itung ngadagoan bedug magrib. Sampingna nu sok diparaké dina ngaji, ditareundeun heula ditumpukkeun dina balé-balé. Ari tiungna atawa karémbong mah teu ditunda, tapi dibeubeurkeun, kawas nu rék ngarigel.


TITINGGI ULA-ALI

Tungtung karembong anu ngarumbayna pada nyarekel, manjang atawa ngantay ti hareup nepi ka tukang, kawas karéta api atawa titinggi. Ikoh nangtung panghareupna, jadi hulu atawa lokomotipna mun dina karéta api téa mah. Disambung ku Ursih, anu kadua nyekel karembong Ikoh. Ursih disebutna beuheung. Uta, Énén, Éni, Kokom jadi awakna, ari Onah nu pangpandeurina jadi buntutna. "Geus sadia ieu téh?" cék hulu nanya ka sareréa. "Enggeus!" témbal sareréa. Tuluy papageuh-pageuh nyarekel karémbong téa. Brek rada darongko. Dimimitian atawa diluluguan ku hulu. "Yu urang mimitian maju!" cék hulu. Majuna rada ongko-ongkoan. Bulat-beulit, arula-arileu, ngurilingan buruan, bari raéng karakawihan,
"Titinggi ula-uli papagan urang Kawali pais tipung digulaan diteundeun di catang hawu ditéang enyut bilatung ........!"
Kira-kira geus meunang 3 - 4 kuriling, top hulu téh nyokot dangdaunan atawa rokrak, dibikeun ka beuheung bari ngomong, (antayan mah tetep maju kénéh, henteu cicing), "Ieu mihapé hayam!" Ditampanan ku beuheung, beuheung mikeun ka awak, mapay tug nepi ka buntutna, silihpihapékeun. Ari Omah, buntutna, teu kabagéan pikeun mihapékeunana, ngan belewer baé dangdaunan atawa rokrak téh dialungkeun. Hulu nanyakeun ka beuheung, "Di mana hayam aing?" "Dipihapékeun!" témbal beuheung. Beuheung mapay nanyakeun ka awak, awak nanya ka buntut. Buntut némbalan, "Euweuh dihakan heulang!" Hulu ambek, tuluy ngudag-ngudag buntut sina néangan nu leungit. Ari geus kapanggih, bagilir, si buntut kudu jadi hulu titinggi, ari hulu jadi beu-heung. Kitu baé meunang sababaraha balikan nepi ka pada kagiliran jadi hulu atawa buntut.
"Tah euy, Si Jali geus adan di munara masjid!" cék Ikoh bari top kana samping nu ditunda dina balé-balé téa, ditaluturkeun ku babaturanana rék pada beberesih.
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Categories:

Leave a Reply

Share

Widgets