Budak Jalanan Lagu Kustian Urang Bandung

Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…

Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..

sanes, punten sanes bade ngiring nyindiran anu di senayan ieu mah. mung hoyong ngemutan ka sadayana, kade ulah sagalarupi teuing dikaitkeun ku acis .. nganggap yen acis tiasa mereskeun sagalana ..

kunaon cenah .. kieu pangpangna mah .. sabaraha bulan kalangkung amang abdi aya nu katipu, muhun katipu .. pan putra na teh bade lebet ka PTN (Perguruan Tinggi Negeri) ngangge jalur PMDK (…) .. tah ceunah, aya dosen di eta PTN anu wantun ngajamin yen putra amang teh pasti lebet ka PTN eta .. ngan .. kedah ngangge acis kangge pangleueur ..

atuh pun amang teh asa dijalanan mereun nya .. der weh masihan acis, duka sabara-sabaraha na mah .. mung jigana cekap weh kangge uang muka nyandak Honda Tiger di FIF mah ..

ari pek teh, pas waktosna pengumuman, si dosen eta na teu aya .. putra pun amang teu lebet .. acis (nu cekap kangge uang muka nyandak Honda Tiger di FIF) oge lapur .. sutress pan ..

tah eta, da ari sagala rupa hayang ku jalan gampang tur gancang bari teu puguh mah .. ngandelkeun duit jeung duit we .. tong boro nu bade janten pejabat geuning nya .. nembe bade janten mahasiswa tos kitu .. kahiji dijalanan tuluy weh dilayanan .. puguh we maceuh ..

leheung mun bener make duit teh .. ieu tos katipu jiga pun amang .. pan mereun cilaka dua welas .. geus mah dosa sugak sogok, pamaksadan teu hasil, duit lapur .. halah .. kumaha tah bah ? “teuing, dek mah tara sugak sogok .. paling nyogok pamajikan we mun aya di imah .. hehehe

Wanci haneut moyan di pilemburan. Kolot-kolot awéwé-lalaki mah rariab, aya nu ka sarawah, aya nu ka karebon. Atuh kaayaan di lembur téh tiiseun da ditaringgalkeun téa. Anu aya ngan barudak nu umurna antara lima nepi ka tujuh taun, caricing di buruan bari ngarasuh adi-adina.
"Urang ucing beling, yu!" ceuk Marni ngajak batur-baturna. "Hayu!" témbal Ipah, Aah jeung Wiwi méh bareng. Bring barudak anu opatan téh néangan beling sasemplék séwang, beling piring, mangkok, cangkir, pinggan jeung sajabana nu barodas, boh dicét boh polos.
Ari geus mareunang tuluy diketrékan ku batu sina laleutik pisan.
Sesemplékan anu rada alus diarah, dijarieun kojo, hiji séwang.
Sajaba ti éta barudak téh pada néangan rokrak anu méncos tungtungna, hiji séwang deuih. Éta téh pikeun nyokél taneuh dina jero kalang anu diasupan
ucing beling kaulinan budak sunda,kampanye damai pemilu indonesia 2009

beling sabogana-sabogana, sina dikoréhan ku sing saha anu keur jadi ucingna. Ari geus saradia kakara barudak téh nangtung ngariung, kabéhna aya opatan.
"Sok leungeunna pareureupkeun, urang bilangan heula," ceuk Marni.
Barudak mareureupkeun leungeun katuhu, bari disodorkeun ka haréup.
Ku Marni dipapay dipepegan ku peureup bari ngawih :
"Plak plik plek blang bling bleng
nu katepak pandeuri ngajleng!"
"Ipah jadi ucingna!" ceuk nu séjén. “Jig geura nyumput. "
"Heug," témbal Ipah bari berebet lumpat nyumput di pongpok dapur.
"Meungpeun nya, ulah nenjo! Licik, teu kaci!” ceuk Marni.
"Jadi lah!" témbal Ipah.
Marni nyieun kalang buleud leutik di buruan.
"Sok urang di dieu baé tempat belingna! Pek nyarokél, sing buni
ngaruangna!" ceuk Marni.
Marni, Aah jeung Wiwi mimiti nyarokél taneuh, dina jero kalang téa, bus belingna diasupkeun tuluy diruang.
Geus kitu nyarokélan deui saliang séwang, lian keur ngalieurkeun, sangkan beling nu diruang dina liang nu asal teu gancang kacokél ku ucing.
"Enggeus?" sora ucing ngagero ti panyumputan.
"Encan!" témbal nu tiluan.
"Enggeus?" ceuk ucing sakali deui. "Enggeus!" walon Marni. “Sok geura ka dieu.”
Ipah jol lumpat ti panyumputan, tuluy cingogo nyanghareupan kalang, diriung ku nu tiluan.
"Pek geura koréhan!" ceuk Marni.
Rada lila ogé Ipah ngoréhan beling dina jero kalang téh bari dirariung.
Gok kana liang nu palsu, gok kana liang nu palsu.
Teu lila aya nu kacokel hiji.
"Tah beunang hiji, anu saha?" ceuk Ipah.
"Alah anu uing!" ceuk Aah, pangheulana kapanggihna.
Lamun beling anu disumputkeun geus kapanggih kabéhanana, kakara ucingna diganti ku nu belingna kapanggih pangheulana téa.
"Aah ayeuna ucing........" ceuk sareréa.
"Heeh. Heug pek nyumput, tapi ulah lalila teuing nya ngaruangna, da kesel meungpeunna!" ceuk Aah, bari léos nyumput di pipir imah.
Lila pisan barudak téh arucing-ucinganana.
Eureunna téh lamun adi-adi asuhanana kaburu careurik, atawa kolotna aya nu datang
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Dina awal taun limapuluhan, kuring sok heureuy kieu téh. Mangsa sok resep ngarit sabada budalan sakola di SD jeung reureuh sakeudeung. Acim, Ukar, Uju, Otih jeung Mari sobat-sobat medok dina waktu ngarit téh. Duka naon sabab musababna nu matak ieu kaheureuyan disebut sisireuman. Ari jigana mah pédah mirip-mirip kana kagotong-royongan atawa digawé babarengan, kawas sireum beureum dina taneuh garing ari manggihan bangké cacing sauted ogé sok geuwat néang baturna. Tuluy éta cacing sauted téh babarengan digarotong dibawa kana liang. Saha nu teu seunggah geura, tengah poé mentrang-mentring kudu ngatrok usrak-asruk néangan jukut kahalodoan. Ana rajeun manggih jukut nu ngémploh sajumpluk, dikepung pahibut ku genepan. Saha-saha nu rada seukeut aritna bari pinter ngaritna, nya manéhna nu gancang meunang jukut keur eusi carangka. Tapi kawegah jeung kahoréam téh bisa ilang musna kaganti ku karesep nu ngagumbirakeun. Lamun carangka kaeusian macak-macak satengahna séwang. Acim sobat nu panggedéna sok ngagegedugan.
"Urang sisireuman yu!"

gambar kalulinan urang sunda sisireuman
"Hayu!" témbal kabéhan.
"Sakeupeul séwang baé heula nya, da jukutna keur hararése dikoréhanana! Tuh teundeun wé gundukkeun handapeun tangkal cau, ambéh kaiuhan bisi aya nu elat ngaritna. Sok urang hompimpah heula, saha nu meunang jadi indungna," ceuk Acim.
Nu genepan ngariung bari nangtung, leungeun kénca nyarekel arit dikatukangkeun, leungeun katuhu dikaharéupkeun, diriungkeun, tuluy diputerkeun bari bareng hompimpah rada dikawihkeun. "Hompimpah, waliwahompimpah........!" Nu limaan dampal leungeunna bareng ditangkarakkeun ari Ukar bet nangkub dampal leungeunna téh. "Ukar indung! Ukar indung........ Hayu urang buru-buru ngagundukkeun jukutna!" Bring pasulabrengan, nu ngalér, nu ngidul néangan jukut téh, tapi teu jauh tina tangkal cau geus ditangtukeun pikeun neundeun jukut téa.
Teu lila geus jul-jol deui daratang marawa jukut sakeupeul séwang, disaksian ku "indung" sabagé mandor. Sok jukut nu sakeupul séwang téh digundukkeun dina hiji tempat anu geus ditangtukeun téa. Lamun jukut geus aya genep keupeul kaasup meunang indung, kakara si indung téh nyalingker ka nu rada buni, nyumput, néangan jukut carulang genep gagang. Anu sagagang, tungtung gagangna dicangreudkeun. Tuluy gagangna sina rarancung ka luhur. Tuluy si indung téh dirariung ku limaan. Jukut carulang téa dikaharéupkeun. "Antaré baé nya, ulah parebut nyokot carulangna!" cék indung bari ngawih, "Nyuh, nyéh, nyuh nyéh anu sunyah ngabelenyéh, pris........!" Sareréa cug-ceg nyarékel carulang anu masih dikeupeul ku indung,
sagagang séwang. Barang bray ramo indung muka, ger sareréa surak, "Horseh, Otih meunang, Otih untung, Otih ayeuna indungna........!" Otih gancang ngarawu jukut nu digundukkeun ti genepan bari pasemon marahmay. Bes, bes jukut téh di kana carangkakeun manéhna. "Ayeuna mah urang dua keupeul séwang, nya!" ceuk Otih anu kapeto jadi indung sanggeus aya milik meunang carulang nu nyangreud gagangna téa
"Jadi lah ambéh téréh pinuh........!" ceuk babaturanana bari tuluy ngararit dua keupeul séwang.
Kitu jeung kitu baé meunang sababaraha entragan nepi ka saréréa pada ngarasa jadi indung. Anu pareng mujur mindeng jadi indung, carangkana téréh muncung, rancung ku jukut. Ari nu rada naas tolombongna molongpong baé. Tapi ari dina lagu balik mah, anu meunang téh tara ieuh genah-galeuh ieu aing, sok ngadagoan heula ka nu éléh, anu terus ngadeluk kénéh ngarit, bari subat- sabet, sumprang-simpreng mantuan, minuhan carangka sakeupeul-keupeuleun, nembongkeun rasa satia kawan, solidaritas........
Méméh Asar barudak téh baralik ti pangaritan semu galumbira, aya anu nyuhun carangka, aya nu ngagandong ku pangais lalayu sekar. "Isuk mah urang di Pangjebolan ngarit téh nya!" cék Mari. "Heeh, ambéh resep sisireuman dina handapeun tangkal muncang!" jawab Otih.
"Sugan pareng........!" témbal barudak lalaki méh bareng.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

“Ijah! Ijah! Asuh budak yeuh, Ema rék ka cai!" cék indungna. Si Ijah lumpat ti pipir imah, geuwat nyampeurkeun indungna bari nanya, "Naha rék ka mana kitu ari Ema, bet nitah ngasuh?" "Har apan itu seuseuheun sakitu ngahunyudna. Kudu buru-buru diseuseuhan bisi euweuh pikeun salin!" témbal indungna. "Yeuh budak ais, bebenjokeun sing anteng, da Ema tangtu lila di caina.
Bawa ka mana baé budak mah, bebenjokeun malar anteng!" bari morosotkeun budak tina aisanana, dipindahkeun ka Si Ijah. Budak téh kalah ceurik, bari teterÉjélan hayangeun ka indungna deui anu geus ngaléos ka dapur, rék ngaringkid wadah kumbaheun jeung seuseuheun.
"Yu urang tuturkeun Ema nya bageur, urang milu ka lebak!" cék Ijah bari ngadeungdeung-deungdeung adina anu ceurik dina aisanana, tuluy nuturkeun emana anu rék indit ka cai
NGAWIHAN TÉTÉNGGÉK,kaulinan budak urang sunda
Kawantu di pilemburan, tampian téh anggang ti imah, kudu nyorang tanjakan atawa pudunan, galengan sawah atawa kebon jeung sajabana.
Indungna geus nurugtug ka lebak dina pupudunan ka tampian téa. Ari Ijah mah ngan ukur nepi kana sisi kebon boléd anu di sisi-sisina loba tangkal jarong, saliara, hareuga, sintrong jeung sajabana anu masih kénéh ciibunan, ngadago murag atawa kasorot ku cahaya giwangkara dina wayah haneut poyan. "Geus urang pegat di dieu baé nya Ucu, Ema mah!" cék Ijah ngabangbalérkeun adina. Tuh urang ka kebon baé, nyampeurkeun batur, keur naraon geura mani tingalacreug, ujlang-ajleng!" "Ka dieu Ijah!" cék Uti ti lebah kebon béh lebak. “Teu kabita ngala téténggék, keur ngabebenjokeun budak leweh, heug urang adukeun geura pahideng-hideng!" "Tah heeh, urang ngala téténggék cara batur, nya Ucu?" cék Ijah bari ngeplok-ngeplok bujur adina, anu masih eueuriheun, can répéh baé. "Eh .... eh........,” cenah cék budak, siga nu ngarti kana caritaan lanceukna. Jep jempé ceurikna, sarta tuluy tutunjuk nuduhkeun ka batur anu keur néangan téténggék. "Geus meunang loba Uti téténggékna?" cék Ijah ngagero ti kotakan pasir. "Wah karék tilu siki," témbal Uti ti lebak. "Loba-loba teuing atuh, uing ménta hiji!"
"His, moal, néangan baé kadinyah, tah lebah dapuran saliara, piraku euweuh nu keur moyan, atawa nu keur ngarayap ogé!" témbal Uti. "Ih, ari si pedit!" cék Ijah rada keuheuleun. "Tah aya mani gedé, meunang uing ogé hiji!" cék Ijah. "Rada lobaan atuh ngalana, urang adukeun. Urang kawihan, anu saha atawa anu mana nu panghidengna!" cék Uti bari nérékél ka pasir nyampeur-
keun Ijah. "Yu ah, urang bawa ka buruan, di buruan baé ngawihanana ogé!" cék Uti. "Heug, hayu, uing gé ngan meunang tilu, sugan harideng sakieu ogé!"
"Uing ti heula, ngalayan jeung Ito," cék Titi.
"Pek atuh cekel téténggékna, acungkeun!"
"Titin jeung Ito nyarekelan téténggék diacungkeun bari pok dikawihan, bagilir patémbalan, mimitina Titin ti heula ngawihan:
"Téténggék, téténggék
kuda Pérsi keur anakan
Téténggék-téténggék
Kuda Pérsi keur anakan!"
"Wah ngedul euy, keur ngalulungkut, molor kénéh meureun téténggék manéh mah, sakieu geus moncorong panon poé. Mumul bijil, ngahékok baé di jero imah!" cék Ito ngajÉjéléh Titin anu téténggékna teu daék bijil najan geus dikawihan ogé.
"Geura nu uing mah yeuh," cék Ito tuluy ngawih :
"Téténggék téténggék
kuda lumping rarawisan
Téténggék téténggék
kuda lumping rarawisan
Téténggék Ito ogé angger teu daékeun bijil, ngelol ti imahna. "Euh bareuki molor, karebluk nu maranéh mah!" cék Uti. "Geura yeuh tenjokeun nu kami!" bari pok ngawihan téténggékna nu diacungkeun, "Téténggék téténggék
pangantén keur didangdanan
Téténggék téténggék
pangantén keur didangdanan!"
"Hoyah bijil nu kami mah!" cék Uti mani atoh. Téténggékna ngelolkeun huluna, tuluy beuheungna beuki lila beuki rada panjang sarta tandukna ogé duanana rarancung siga diutak-utek, resepeun dikawihan ku Uti. "Ké kari kami atuh, ulah begér sorangan!" cék Ijah sieun éléh ku batur, pok ngawihan téténggék nu manéhna:
"Téténggék téténggék
pangantén kembang goyangan
Téténggék téténggék
pangantén kembang goyangan!"
cék Ijah.
Ijah jeung Uti tuluy haranjat ka pasir rék ka buruan imah, dituturkeun ku batur-baturna nu séjén aya kana opatanana, anu sarua leungeunna ranggém nyarekelan téténggék. Barang nepi ka buruan, pok Ijah nanya, "Saha nu rék ti heula ngadukeunana?"
Pecenghul hulu téténggék nu diacungkeun ku Ijah ogé bijil, tandukna utak-utek lir anu igel-igelan, resepeun ku dikawihan. "Meunang nu kami ogé nya lah. Sok saha deui nu rék nandingan!" cék Ijah.
Breng barudak téh ngarawihan téténggékna babarengan. Adi-adina anu keur diasuh téh aranteng da kabébénjokeun.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Béntang di langit baranang. Bulan buleud belenong sagedé piring. Najan peuting, kaayaan caang ngempray teu béda ti kaayaan beurang. Barudak di lembur, sabubarna ti pangajian téh teu buru-buru sararé, tapi ngadon arulin heula di buruan. Arulin sasukana sakaresepna, ngabubuhan sapantar sapantar. Imok, Iyot, Odang, Éja, Wéwén, Dasih, Kacih, Dar'ah jeung Saman ngariung di buruan. Riuanganana ngawangun buleudan. Leungeunna pacekel-cekel. Mun dina acara kaulinan pramuka atawa olah raga mah "membentuk lingkaran". "Kabeneran awéwéna aya genepan, ari lalakina aya tiluan, nya?"cék Imok ka batur-baturna." Urang Kali-kali konéng, raresep maranéh?"

Kali-Kali Koneng,ka ulinan budak urang sunda
"Resep! Resep! Resep!" témbal baturna mani raéng. "Heug atuh ari resep mah, ku kami rék dibilangan heula, ditunjukan bari dikawihan, déngékeun!' cék Imok bari clé nangtung di tengah-tengah buleudan, kawas guru rék mingpin kaulinan murid. "Saha-saha anu katunjuk pangpandeurina bareng jeung tungtung kawihna, éta nu jadi tukang ngalina, nya!" "Enya, enya, ngarti!" témbal batur-baturna bari rada mundur ngarah buleudanana rada ngagedéan.
"Geura pok atuh ngawihanana!"
"Ké, déngékeun!" cék Imok bari ngong ngawihan dibarengan nunjukan
batur-baturna nu geus alijigimbrang.
"Cing cangkowék
jambu bitung jambaria
cicing di nu poék
irung mancung aya nu nyampa!"
"Si Odang tukang ngali! Si Odang tukang ngali!" cék sareréa. Lantaran
nya manéhna nu katunjuk bareng jeung tungtung kawih téa.
Odang teu kalékéd, clé ka tengah ngaganti Imok. Jleng ngajleng
ngadeukeutan Si Wéwén. Gog cingogo, bari cukal-cokél, kurah-koréh kana
taneuh deukeut indung suku Wéwén, sarta ngomong ngecewis, pokna, "Kali-
kali konéng, kali-kali konéng. "
Ditaranya ku batur-baturna anu narangtung, "Naha konéng aing dikali?"
Ditémbalan deui ku Odang, "Piubareun budak!"
Ditanya deui, "Naon budakna?"
"Hulu lisung!"
"Naon pangasuhna?"
"Jurig beureum kukuncungan!"
"Iiiiy........kasieun uing!" cék batur-baturna bari buriak tina buleudanana.
Tapi teu lila gancang kumpul deui, sarta Si Odang tuluy pacekel-cekel
mangrupa buleudan deui, sarta Si Odang tuluy nepakan taktak babaturanana
dipapay saurang-saurang bari ditanya,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan baju!" témbalna. Pindah kana lebah siku,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan karémbong!"
Tuluy nepak kana peupeuteuyan,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan oray!"
"Ka dieu aya jalan?"
"Euweuh, aya ogé tegalan cucuk salak!"
"Ka mana atuh ari jalan ka luhur?"
"Ngapung!"
"Ka mana jalan ka handap?"
"Nerus bumi!"
Geus kitu Si Odang ajol-ajolan kawas nu rék ngapung, padahal ngawahan néangan pijalaneun keur lumpat kaluar tina buleudan. Rék ngajleng hésé, rék ngaléngkah teu bisa da puguh pager buleudan batur-baturna beuki parageuh, kékép kawas ranté. Rék moncor teu bisa lolos, kalah ngudupruk da babaturanana leuwih gedé tanagana jeung pinter ngahalangan. Tapi lila-lila mah Si Odang bisa ogé ngencar tina kurungan da ranté baturna kabeneran aya nu lesot atawa pegat, da hantem diteumbragan ku Si Odang.
Sanggeus Si Odang leupas, rareureuh sakeudeung. Der ngariung deui.
Giliran Éja ngawihan ti jero buleudan, pokna,
"Cing cangkowék jambu bitung jalan besar cicing di nu poék irung mancung aya nu nyakar!" Geus kitu, cara iangan kahiji baé, nyebut kali-kali konéng, disambung ku silihtanya, silihjawab téa, sarta ngencar tina bébénténgan buleudan téa. Geus carapéeun mah heureuyna kakara areureun.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Tamba kesel bari nungguan domba angonanana di tegal, Encu, Usup, Idan, Otik jeung Émén dariuk dina handapeun tangkal limus. "Naha euy mani asa tariiseun teuing?" cék Encu ka batur-baturna. Jeung caricing teu puguh mah mending urang nyieun kaulinan !"
"Heeh, meungpeung angonan aranteng deuih, nya?" témbal Usup. “Urang nanaonan atuh?"
"Urang momonyétan baé geura, ambéh mérés tanaga, babari juuh ku késang, séhat kana awak!" ceuk Encu. "Ah embung momonyétan mah," témbal Émén nu awakna pangleutikna. “Sieun dirangsangan, pareurih beungeut, baju saroéh. Jaba urut minggu tukang ogé digégél puhu ceuli, karasa kénéh, mani asa kumaha mah!" "Kumaha ragemna baé uing mah, rék naon, rék naon ogé, miluan!" cék Otik. "Enggeus lah momonyétan mending gé, resep!" cék Idan jeung Usup
méh bareng.
momonyetan kaulinan barudak urang sunda,blog urang sunda

Kulantaran Émén éléh sora, usulna teu ditarima. Kapaksa amum kana kahayang nu réa. "Sok saha nu sanggup jadi monyét pangheulana?" cék Encu, ngokolotan. Nu séjén ngabaretem ari ditanya kitu mah. "Manéh baé Otik nu pangheulana, nya? Kudu daék da engké pada kagiliran!" cék Encu. "Jadi lah, asal ulah tarik teuing baé ngagelang ceulina, nyeri! Jeung ngagerona kira-kira deuih, bisi uing katorékan, tuluy torék!" "Piraku teu jeung kira-kira atuh uing ogé," cék Encu. "Sok ka dieu!" Otik nyampeurkeun ka deukeut Encu, tuluy dirariung pada ngusapan leungeunna kénca-katuhu. Ceulina pada ngagelang bari bareng diparancahan, raéng! "Nyutnyét, nyutnyét si monyét kamalolé, ngahakan buah kisolé itu tiwu ieu cau pibekeleun luluncatan luluncatan na kiara kiara tujuh ngajajar lusles lusles si monyét pohona poho ka babaturanana........!" Si monyét panonna rada peureum. Tuluy diparancahan deui bari leungeunna diparencétan.
Leng, leng monyét rada katuralengan. Golédag ngagolédag. Gurinjal ngagurinjal. Blug nangkuban, terus rada nyuuh.
"Waaaw!" Encu ngagorowok tarik pisan ditompokeun kana ceuli monyét. Berebet Encu lumpat, ngejat ngajauhan monyét, cara batur-baturna anu geus ngarejat leuwih ti heula. Koréjat monyét hudang, dalugdag-daligdeug panonna beureum, buringas. Luak-lieuk, berebet lumpat tarik pisan ngudag-ngudag musuhna, bari siga satengah teu éling. Kerewek Idan katéwak. Kék ditangkeup. Gurinjal-gurinjal Idan nerÉjél ngalesotkeun manéh tina tangkeupan monyét, anu geus mimiti
pakupis nyakaran dibarung jeung cékrah-cékroh sagala rupa. Idan kadengkék pisan awakna, gebut dibeubeutkeun
"Aduh !" cenah. Kerewek ditéwak deui awakna disedekkeun kana gawir, rék digégél, teu bisa walakaya. "Euy tulungan, euy! Monyét ngamuk euy, bahaya yeuh!" Idan aduregeng teu kuat nahan hompétan monyét. Gorowok baé kokolot téh ngageroan, bari rék nulungan Idan.
"Otik! Otik! Otik! Euy manéh téh lain monyét!" Kulapés baé monyét téh ngulapes, leuleus ngalesotkeun mamangsana, gek diuk, bluk nyuuh. Gek diuk deui bari gigisik. Bray, bray, nyah panonna rada beunta, bengras. Cageur jadi monyétna sarta di ganti ku Idan, cara tadi diusapan seug diparancahan téa.
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit


Tuh geus ngagarulung deui di buruan barudak téh. Campur ayeuna mah, awéwé jeung lalaki. Matak jarongjon ulinna ogé bubuhan malem Juma'ah, moal ngaraji. Sabataé rék heureuy ti Asar nepi ka Magrib ogé. Rék ambil-ambilan cenah ayeuna mah. Barudakna dibagi dua bagian. Nangtung ngajajar lalaki wungkul, sajajar deui awéwé wungkul. Unggal jajaran pada boga kokolot saurang. Nini ti jajaran awéwé jeung Aki ti jajaran lalaki. Gek incu-incuna dariuk, sagunduk-sagunduk. Aki jeung Nini mah narangtung pahareup-hareup tapi rada paanggang aya kira-kira 6 - 7 métér mah. Pok Aki nyarita ka nini, bari dikawihkeun, "Ambil-ambilan turugtug hayam samantu." Ditémbalan ku Nini, "Saha nu diambil kabéh ge budak pahatu." Ditémbalan deui ku Aki,
AMBIL-AMBILAN,blog urang sunda


"Nyi Upi gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
purah calik dina lampit
purah tunggu imah gedé ........"
Ditémbalan deui ku Nini,
"Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé."
Ditémbalan deui ku Aki,
"Aya ubarna
urat guling sampuragé
tiguling nyocolan dagé."
Tuluy Upi téh dijurungkeun ku Nini sina ka Aki. Leumpangna éngké-éngkéan sarta ku batur pada nyarurakan, "Hoyah maling endog! Hoyah maling endog!" cenah.
Gék Upi diuk, ngariung jeung gundukan incu-incu Aki téa.
Geus kitu pok deui Nini jeung Aki patémbalan, cara tadi, nepi ka incu Nini béak kabéh, pindah ka Aki. Aki ngaharéwos ka hiji budak nu panghareupna ngajurungan néang Nini,
kudu diharéwosan:
Nini ka dieu ceuk Aki
Pangmaiskeun tarasi.
Disadiakeun bakakak hayam.
Beuleum hileud pais titinggi.
Gidig budak téh nyampeurkeun ka Nini, sakumaha jurungan Aki téa.
Nini teu daékeun, kalah mugen bari ngajawab, "Ah embung, sieun anjing ........" Telenyeng deui budak téh ngabéjakeun deui Aki. Cék Aki, "Téang deui kadituh Nini téh. Bari béjakeun, euweuh kituh anjingna ogé da dicangcangan." Telenyeng deui budak téh ngaharéwos ka Nini Tapi Nini ngahunted kénéh bari némbal, "Ah embung sieun digogog!" Gidig deui budak téh ka Aki ngabéjakeun Nini nu ngahunted baé. Aki nitah deui, "Paksa baé Si Nini téh, pangmaiskeun tarasi téa kituh. Da anjingna ogé geus dipareuncitan!" Budak ngagedig deui ka Nini. Ari nu séjénna tingbelecet nyarumput, aya nu di pipir leuit jeung ka kolong.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Maleman tanggal opat welas, cahaya bulan ngebrak caang matak resep lamun ulin, ngadon mulan di buruan. Harita ogé bada Isa, budal ti pangajian téh barudak awéwé teu tuluy waka ngarampih, tapi caricing heula dina golodog jeung balé-balé imah Ambu Édod, nu kabeneran keur émok dina samak bari nutuan seupaheun dina lolodok. "Sukur nu gareulis, nu balageur," cék Ambu Édod, mani ngariung kieu. Resep nya mulan! Ulah waka ka arimah, itung-itung maturan kami naheur cai,
bari ngadagoan Abahna balik ti tajug." "Enya Ambu," témbal Yoyoh, budak nu panggedéna. "Pek atuh sing jongjon arulin, naon baé nu dipikaresep!" cék Ambu Édod. "Tah, heeh meungpeung maraké kénéh samping jeung tiung, keur ngabunianana, urang Sapa punya baé yu!" ceuk Idas nu sapantar jeung Yoyoh. Kabeneran aya sapuluh urang nya, jangkep. Jadi sabaladna limaan-limaan.
Saha nu rék jadi balad uing?"


"Uing! Uing........!" cék Nonoh, Eutik, Una jeung Éém.
"Tah bener, balad uing geus aya opatan, kalima uing gegedugna!" cék
Idas deui. Tinggal Wiwi, Warsih, Ojah jeung Endeung jadi balad manéh, keun
baé?"

Maleman tanggal opat welas, cahaya bulan ngebrak caang matak resep lamun ulin, ngadon mulan di buruan. Harita ogé bada Isa, budal ti pangajian téh barudak awéwé teu tuluy waka ngarampih, tapi caricing heula dina golodog jeung balé-balé imah Ambu Édod, nu kabeneran keur émok dina samak bari nutuan seupaheun dina lolodok. "Sukur nu gareulis, nu balageur," cék Ambu Édod, mani ngariung kieu. Resep nya mulan! Ulah waka ka arimah, itung-itung maturan kami naheur cai,
bari ngadagoan Abahna balik ti tajug." "Enya Ambu," témbal Yoyoh, budak nu panggedéna. "Pek atuh sing jongjon arulin, naon baé nu dipikaresep!" cék Ambu Édod. "Tah, heeh meungpeung maraké kénéh samping jeung tiung, keur ngabunianana, urang Sapa punya baé yu!" ceuk Idas nu sapantar jeung Yoyoh. Kabeneran aya sapuluh urang nya, jangkep. Jadi sabaladna limaan-limaan.
Saha nu rék jadi balad uing?"

sapa punya
"Uing! Uing........!" cék Nonoh, Eutik, Una jeung Éém. "Tah bener, balad uing geus aya opatan, kalima uing gegedugna!" cék Idas deui. Tinggal Wiwi, Warsih, Ojah jeung Endeung jadi balad manéh, keun baé?"
"Keun baé, mending ogé pamilihan, barucit gé sugan baé palinter," cék Yoyoh rada nyungkun. Balad uing heula nu nyumput tuluy jadi sémah. Di dinya pribumi, nya?" "Jadi kitu ogé. Jig geura nyarumput!" cék Idas. Uing sabalad-balad ngajajar di buruan ieu, nya?" Balad Yoyoh buriak nyarumput, aya nu di pipir leuit, di pipir imah béh ditu, jeung sajabana. Balad Idas ngajéngjréng di buruan nu tadi. Teu lila jol sémah datang. Yoyoh nu jadi gegedugna téa ngiringkeun
dagangan meunang nyimbutan sababaraha lapis, buni tina sirah nepi kana bitisna. Leumpangna dodongkoan, satengah ngorondang. Teu béda ti sudagar di Tanah Arab ngiringkeun kaldé. Barang srog, pok gegedug pribumi nanya, "Arep apa?" "Jual ayam!" walon gegedug semah.
"Sapa punya?"
"Inyong!"
"Brapa regané?"
"Lima suku!"
"Sapa arané?"
"Emplon," témbal Yoyoh ngabobodo. Padahal nu sabenerna mah lain Emplon nu disimbutan téh.
Tuluy Idas ngarampaan nu disimbutan téa, malah jeung bari diélékéték atawa digoda sagala rupa, malar seuri, ngarah katangén saha-sahana, supaya kari neguh ngaran anu disimbutan téh.
Lantaran henteu kagoda, kakara Yoyoh nyarita deui, "Cing hayam disada!" "Ciciricit," sorana dileutikkeun. Ku Idas teu kateguh kénéh saha-sahana ngaran anu sabenerna éta
hayam téh. "Cing kongkorongok rada bedas!" "Kongkorongoooooook ........!" hayam kongkorongok. "Si Ojah .........!" cék Idas. Bari mukakeun simbutna.
Ari dibuka bet Si Endeung, lain Si Ojah. Idas salah neguhna. "Sagantang! Sagantang! Sajendol! Sajendol! Urang meunang!" cék balad Yoyoh bari ribut tingkurunyung tina panyumputanana. Jaligrah pisan.
"Ayeuna giliran uing jadi sémah!" cék Idas bari nyéréngéh. Tuluy tingberetek nyarumput jeung batur-baturna rék tatan-tatan dagang hayam. Beuki lila beuki rada peuting nu "Sapa punya" teu pada éléh da hasilna sarua pada tilu gantang séwang. "Geus barudak geura ngarampih ulah kamalinaan teuing, geus peuting! Yeuh buruhna gula beureum sakurud séwang jeung cai haneut!" ceuk Ambu Édod jeung Abahna. Barudak ribut muru seredan dina balé-balé, tingsuruput ngarinum sakali séwang da hanaang tas capé

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Saméméh arindit ka pangajian, mun pareng pasosoré hade poéna, barudak awéwé nu umurna rata-rata 8 nepi ka 11 taun arulin heula. Itung- itung ngadagoan bedug magrib. Sampingna nu sok diparaké dina ngaji, ditareundeun heula ditumpukkeun dina balé-balé. Ari tiungna atawa karémbong mah teu ditunda, tapi dibeubeurkeun, kawas nu rék ngarigel.

TITINGGI ULA-ALI

Tungtung karembong anu ngarumbayna pada nyarekel, manjang atawa ngantay ti hareup nepi ka tukang, kawas karéta api atawa titinggi. Ikoh nangtung panghareupna, jadi hulu atawa lokomotipna mun dina karéta api téa mah. Disambung ku Ursih, anu kadua nyekel karembong Ikoh. Ursih disebutna beuheung. Uta, Énén, Éni, Kokom jadi awakna, ari Onah nu pangpandeurina jadi buntutna. "Geus sadia ieu téh?" cék hulu nanya ka sareréa. "Enggeus!" témbal sareréa. Tuluy papageuh-pageuh nyarekel karémbong téa. Brek rada darongko. Dimimitian atawa diluluguan ku hulu. "Yu urang mimitian maju!" cék hulu. Majuna rada ongko-ongkoan. Bulat-beulit, arula-arileu, ngurilingan buruan, bari raéng karakawihan,
"Titinggi ula-uli papagan urang Kawali pais tipung digulaan diteundeun di catang hawu ditéang enyut bilatung ........!"
Kira-kira geus meunang 3 - 4 kuriling, top hulu téh nyokot dangdaunan atawa rokrak, dibikeun ka beuheung bari ngomong, (antayan mah tetep maju kénéh, henteu cicing), "Ieu mihapé hayam!" Ditampanan ku beuheung, beuheung mikeun ka awak, mapay tug nepi ka buntutna, silihpihapékeun. Ari Omah, buntutna, teu kabagéan pikeun mihapékeunana, ngan belewer baé dangdaunan atawa rokrak téh dialungkeun. Hulu nanyakeun ka beuheung, "Di mana hayam aing?" "Dipihapékeun!" témbal beuheung. Beuheung mapay nanyakeun ka awak, awak nanya ka buntut. Buntut némbalan, "Euweuh dihakan heulang!" Hulu ambek, tuluy ngudag-ngudag buntut sina néangan nu leungit. Ari geus kapanggih, bagilir, si buntut kudu jadi hulu titinggi, ari hulu jadi beu-heung. Kitu baé meunang sababaraha balikan nepi ka pada kagiliran jadi hulu atawa buntut.
"Tah euy, Si Jali geus adan di munara masjid!" cék Ikoh bari top kana samping nu ditunda dina balé-balé téa, ditaluturkeun ku babaturanana rék pada beberesih.
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Pangangonan ogé tara kaliwat. Sawah, kebon atawa tegalan sok dipaké pangulinan barudak di pilemburan. Kawas harita dina wanci Asar. Itoh, Abih, Anan, Enas, Ikik jeung Anih, masih kénéh di sawah keur ngarangon domba. Sawahna garing kahalodoan tur anyar kénéh dipibuatan. Kotakanana lalega, laluasa mun dipaké arulin téh. Domba angonanana aranteng deuih. Mapay- mapay galengan jeung kotakan. Ngaremus jukut jeung turiang anu kakara jadi.
Barudak téh, boh awéwéna boh lalakina babarengan ngarabutan jarami jeung akar-akaran. Jebrud-jebrud dicabutan. Sok digundukkeun, saurang sagunduk séwang. "Cap cung alap-alap! Saha nu wani maok sing busung dibéntar gelap!" Crot-crot Anih nyiduh dua kali kana gundukan jaramina anu padeukeut jeung meunang Enas. Sieun beubeunanganana aya nu maok. "Piraku atuh euy wani maok nu batur da nu uing ge geus loba. Geura urang paluhur-luhur. Tuh geuning luhur kénéh nu uing, nya?" témbal Enas bari nuduhkeun beubeunanganana.
alap alap
"Arenggeus euy atawa aracan?" cék Ikik anu jadi gegedugna nanyakeun ka babaturanana. "Ké, karék meunang dua gunduk!" témbal Abih. "Buru-buru atuh. Kari ngagundukkeun keur ‘indungna’. Geus dicontoan ku déwék, tah dua gunduk!" cék Ikik bari ngarahuh, capé. Gék diuk, nyanghunjar dina galengan. Ngadagoan nu séjén. Bru-bru deui nu séjénna nambahan gundukan piindungeun, hanca Ikik tadi téa, mani beuki ngahunyud. "Enggeus euy?" Ikik nanya sakali deui ka babaturanana. "Enggeus, lah!" témbal sawatara babaturanana bari haruhah-haréhoh. Tuluy nyampeurkeun ka Ikik. "Ké heula, urang reureuh sakeudeung. Capé, jeung ieu curuk mani peurih, kakését jarami," cék Anan.
"Lah, reureuh mah engké baé bari ngahénén ari nyumput. Hayang geura buru-buru ucing-ucinganana!" cék Anih. "Heueuh lamun teu jadi ucing mah. Kumaha lamun pareng jadi ucing pan
leuwih capé?" Anan rada nyengor ka Anih. "Geus lah! Urang buru-buru priskeun ku déwék. Ulah paloba-loba omong bisi tuluy paraséa," Ikik megatan omongan anu duaan.
Barudak ngarariung, nyangharéup ka Ikik anu ngeupeul jukut carulang genep gagang. Kembangna sina rancung ka luhur. Ari gagangna buni kakeupeul ku leungeun nu katuhu.
"Sok euy, geura ngarumpul!" cék Ikik. Ceg barudak téh ngareupeul gagang jukut nu di acungkeun ku Ikik, hiji séwang.
Pok Ikik ngawihan: "Cit kucuit demang kuntul Sirit tikait bongan tungkul........" "Ah, ah sudi ah! Teu kaci. Naon jorang ngawihanana!" Anih protés bari jamedud. "Har, apan ambéh seuri, ambéh bungah," cék Ikik bari ngagakgak. Nu séjén ogé saleuseurian deuih.
"Ké urang balikan deui atuh," cék Ikik. "Ciiit kucuit demang kuntul. Saha nu ngait meunang pendul ........!" Crot-crot nyiduhan leungeunna nu dipaké nyekelan jukut téa. Bray dibuka. Pris ........!!! "Alah, déwék ucing euy. Meunang nu dicangreudkeun!" cék Anan, semu horéameun jadi ucingna. "Untung euy déwék teu nyekel nu rada jangkung. Mun kitu téh jadi ucing cikalna," cék Abih semu atoh. "Pék euy, geura depa atuh di gigireun jarami indung," Ikik nitah ka Anan. Brék Anan depa. Nu séjénna riab tuluy nyarumput bari depa di gigireun gundukan jarami nu réa sabeunangna-sabeunangna téa. Dina hiji gundukan teu meunang aya nu nyumput duaan atawa tiluan. "Enggeus euy?" ucing nanya bari rada cengkat. "Geus ........!" aya nu némbalan rada jauh.
Teu wudu ucing téh rada riweuh. Barieukeun milih gundukan nu disumputan téh. Tumpukan jarami aya 12 tumpuk, ari nu ditéangan ngan limaan. Los ka dieu lowong, los ka ditu kosong. Kaciri aya nu rada mucunghul, tonggongna rada papak jeung gundukan jarami. Ikik nyumput di dinya. Niatna mah rék nipu ka ucing. Gundukan jarami nu pendék, moal enya dipaké panyumputan ku nu jangkung. Tapi ucing rancingeus, teu éléh siasat. Apal kana warna baju nu nyumput di dinya. "Hong Ikik!" cék ucing ngagentak. Pucunghul, beretek Ikik lumpat miheulaan ucing nu geus lumpat ti heula muru tempat indung. Siet, plek, juralit Ikik jungkir. Koprol miheulaan ucing hayang nepi kana jarami indung. Blak awakna tibeubeut. Nyeri-nyeri ogé, awakna téh siga nu teu dirasa. Bungah baé nu aya bisa miheulaan ucing, nepi kana tempat indung. "Meunang, heula déwék lah!" Ikik haruhah-haréhoh. Atoh jeung capé bari nepakan dadana. "Sugan téh moal nyabet ku jungkir euy, hanas déwék haré-haré," ucing rada ngahéab haténa." “Keun lah, opatan deui, rék taki-taki déwékna."
Nu opatan nungtut ka"hong"keun ku ucing, sarta kabéh aréléh. Euweuh nu bisa miheulaan lumpat muru kana tempat indung téa.
Ari Ikik jeung Anan mah dina iangan nu ka dua teu kudu milu dibilangan deui. Bye (baca : bay) mun dina istilah pertandingan olah raga mah. Kari nyarumput baé. Kari nu tiluan, nangtukeun saha-sahana nu jadi ucingna. Itoh kagiliran milangan, nunjukkan bari ngawihan, pokna: "Blag-blig-blug jambé ngora Budak ngajeblug euweuh ka éra ........” "Abih ucing!" cék nu séjénna. Bring lalumpat. Nyarumput sanggeus Abih depa di palebah indung. Saurang, dua urang nungtut geus ka"hong"- keun ku Abih. Sanajan rada lila ogé Abih aya milik. Teu kapiheulaan ku baturna dina muru tempat indungna. Jadi Abih nu meunang. Geus kitu diteruskeun kana iangan ka tilu.
Itoh nu kaparengkeun jadi ucingna. Ari rék maju kana iangan ka opat, barudak téh rareureuh heula, dariuk dina galengan, ngajajar. Kalayang aya alap-alap ngalayang di luhur. "Alah itu aya alap-alap gedé naker. Buluna rada kondang!" cék Abih rada tanggah.
Barudak nu séjénna ogé taranggah deuih sarta ujug-ujug breng baé karakawihan: “Alap-alap pangngigelkeun dibéré kadal sepotong Alap-alap pangngigelkeun dibéré cau sepotong ……..” “Tuh ngigel nya. Hideng, mani ngiplik baé salila-lila. Kawas nu ngarti sato ogé ari dikawihan mah," cék Abih. "Heueuh baé nya ........" témbal sareréa. Soloyong, siet........ka handap. Pung deui ka luhur. Alap-alap téh teup eunteup dina tangkal randu di sampalan béh ditueun sawah. "Walah, mani ngan sakilat. Nyamber naon nya euy?" cék Anan ka batur-baturna.
"Galak nya alap-alap mah. Kawas dina carita wayang baé, make maling pangantén sagala geuning, dina lalakon "Alap-alap Dursilawati" mah. "Enya galak, pedah sok nyambéran sasatoan séjén. Keur urang mah aya alusna. Tuh itu ogé meureun keur ngahakan "Si Monyong" nu diranggeum bieu téh. Hama paré urang ditumpes tah ku nu kitu Urang kabantuan jasa nya?" cék
Ikik. "Heueuh nya ........." témbal batur-baturna. Beuki lila poé téh beuki nyedek ka burit baé. Layung mimiti hibar ti beulah kulon. Di sawah beuki tiiseun da barudak geus baralik, ngagiringkeun angonan ka lemburna bari kebek ku kabungah. Ulin seubeuh. Angonan buncir.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit

Ku: Tata Danamihardja

Asa mindeng nya ngadenge istilah ieu teh. Playboy. Enya da ti baheula ge geus jadi kacapangan atuh. Biasana dipake pikeun nuduhkeun lalaki anu resep gunta ganti kabogoh. Lalaki leumpeuh yuni, teu kaopan ningali istri rancunit, sok tuluy hayang ngeukeupan. Ngan anehna, euweuh istilah playgirl, najan dina kanyataanana, aya oge awewe anu lalampahanana teu jauh ti playboy.

Ayeuna-ayeuna ieu, kecap playboy deui-deui jadi sabiwir hiji. Malah aya tambahna ayeuna mah, Playboy Indonesia. Geunjleung tah. Di mana-mana jadi bahan obrolan. Ieu teh taya lian lantaran di Indonesia geus medal majalah Playboy versi Indonesia. Sarerea oge tangtu geus mafhum, naon jeung kumaha ari majalah Playboy. Ieu teh majalah ‘parno’ nu bibit buitna ti Amerika, kasohor ka sakuliah dunya, jadi bacaan lalaki careraman. Majalah ‘cap kelenci’ anu menu utamana naon deui, ari lain potret awewe dina pose ‘sensual’ jeung bulucun mah. Duh...

Taun salapan puluhan awal, jaman masih keneh kuliah, sok mindeng jalan-jalan ka Cikapundung. Sakali mangsa, basa keur hunting buku loakan, nu dagangna ngadeukeutan, bari ngaharewos, “A, milarian naon? Pebe A?”

“Naon PB teh?”, kuring rungah-ringeuh.

“Ah si Aa mah sok api-api,” pokna. Sanggeus dijelaskeun, kakara kuring ngarti. Sihoreng PB teh majalah Playboy loakan, selundupan ti luar negeri. Matak haharewosan, manehna sieun katohyan ku pulisi.

“Sabaraha?”, cek kuring nanya. Manehna nawarkeun harga 60 rebu. Kuring gideug. Mahal tuda. Duka tah lamun murah mah ....

***

Indonesia, hiji-hijina nagara nu penduduk muslimna panglobana sadunya, geus hasil ditembus ku majalah pangpornona sadunya, Playboy. Kitu unina, berita di salah sahiji media berita internet internasional. Jadi nu geunjleung teh lain di Indonesia wungkul. Sakuliah dunya kaget. Naha Playboy bisa lolos - kalayan resmi – di Indonesia, nu majar urang Islamna panglobana sadunya? Padahal ieu teh kacida patukangtonggongna jeung ajaran Islam anu jelas-jelas ngaharamkeun hal-hal anu saperti kieu. Malaysia wae, anu penduduk muslimna jauh leuwih saeutik batan Indonesia, langsung taki-taki, bisi aya Playboy Indonesia selundupan asup ka nagarana.

Nu matak, rame di ditu di dieu. Elemen-elemen masarakat anu pro jeung nu kontra padungdengan. Cek anu kontra, cing atuh tong ditambahan riceuwna nagara teh. Geus puguh loba kajahatan seksual gara-gara tongtonan jeung bacaan porno (atawa ‘semi’ porno) legal jeung ilegal, hayoh deuih ditambahan kunu kitu. Asa euweuh pisan kamelangna ka lemah cai nu geus sakieu amburadulna teh. Ceuk anu pro, tong munapek lah, na teu resep kitu ningali ‘kaendahan’ wanita? Jaba ieu teh pan muka ‘kesempatan kerja’ keur urang Indonesia. Jeung cenah mun erek ge, larang heula tuh peredaran VCD porno jeung tabloid ‘esek-esek’ produk ‘dalam negeri’ nu dijual bebas di mana-mana. Geuning kalah mubat-mabit ka batur nya?

Kumaha ari pamarentah? Asa can kadenge ketakna. Piraku ari teu apal mah. Jeung matak bisa medal ge pan meureun aya ijin ti pamarentah. Naha teu eungeuh kitu yen nagara jadi harengheng gara-gara medalna Playboy? Atawa api-api bae, lantaran aya kauntungan finansial pikeun pribadi-pribadi di pamarentahan? Ah, asa jadi lieur ngabandunganana...

Pihak Playboy Indonesia teu gedag bulu salambar. Najan masarakat jadi harengheng, najan didemo di ditu di dieu, teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Basa kantorna didemo ku FPI (Front Pembela Islam), terus aya kaca kantorna nu pareupeus alatan dibaledogan, pingpinan majalah Playboy kalah jiga nu nangtang. Manehna ngomong di media, rek ‘menempuh jalur hukum’. Duka hukum saha tah nu dipake.

***

Majalah Playboy edisi munggaran geus medal. Anehna, bet payu kabina-bina. Ditareangan. Lolobana panasaran. Naha rek jiga majalah ‘ninina’ di Amerika, atawa rek disesuaikeun jeung kondisi sosio-kultural di Indonesia. Loba nu ngarenghap badag. Aya nu kuciwa, aya oge nu bungah saheulaanan. Singhoreng euweuh potret istri bulucun, najan tetep we potret sensual mah reuteum. Cover girl-na mun teu salah Andara Early, model jeung presenter nu – mun teu salah - kungsi jadi penyiar radio di Bandung. Aduh, eta si eneng geulis, na teu lebar kitu awak dimurah-mareh? Atawa mangpang meungpeung? Meungpeung can pareot ...

Najan edisi munggaran dina kanyataanana henteu nepi ka ngamuat poto istri bulucun, kahariwang tetep aya. Bisa wae ieu teh mangrupa bagian tina strategi bisnis. Teu beda ti nu maen langlayangan. Keun uluran heula, bere omber heula. Engke lamun suasana geus rada reureuh, geus loba nu poho, kakara ngaluarkeun jurus utama. Nya naon deui atuh lamun lain potret bulucun!

***

Ku naon bet make ngaran Playboy? Ku naon henteu make ngaran Lalaki Purunyus upamana? Atawa majalah Lalaki Cunihin Indonesia? Atawa mun hayang rada gaya, naha henteu ‘Toloheor Magazine’? Pan asana leuwih mengindonesia? Nyunda malah. Ieu teh teu leupas tina strategi bisnis.

Sabenerna, di urang ayeuna geus loba media (cetak) anu menu-na kurang leuwih memper-memper kana menu majalah Playboy. Bisi teu percanten, mangga tingalian di kios-kios koran (news stand). Loba tabloid, majalah jeung koran anu midangkeun potret awewe dina pose anu ngahudang birahi. Malah laporan kantor berita Associated Press (AP) nyebutkan, Indonesia aya dina urutan kadua sanggeus Rusia dina urusan pornografi. (Republika, 17 Juli 2003). Tapi ku naon teu ‘heboh’ jiga Playboy?

Nya ieu pisan sabab utamana. Playboy geus jadi merek dagang anu kawentar, geus bisa jadi jaminan. Tegesna, lamun make merek Playboy, moal teu payu. Lamun make merek nuansa lokal, hartina perlu gawe ekstra pikeun nanjeurkeun ngaran sangkan jadi “established brand”. Jelas ieu teh lain gawe lalawora, padahal tadi ge geus disebutkeun, saingan media nu aya dina lahan nu sarua, sakitu ngaleuyana.

Nu matak, mending keneh kaluar duit gede pikeun meuli lisensi merek nu geus kawentar (Playboy), tibatan kudu naratas deui jalan ti handap anu can puguh hasil. Ari modalna aya mah, nanaonan make jeung nyangsara karep! Meuli we lisensi nu geus puguh nanjung. Najan kaluar duit gede, tapi ka hareupna ‘prospektif’. Kitu jigana.

Kumaha urusanana meuli merek saperti kitu? Ieu teh teu jauh tina sistem nu dipake kunu daragang goreng hayam. Beuli we merek luar negeri, ngaliwatan sistem franchise (waralaba). Kentucky, upamana. Pan geus kasohor, hayam goreng ‘bergengsi’. Ari urang Indonesia tea (kaasup urang Sunda?), biasana sok serab ku naon bae anu datangna ti luar negeri. Mental sesa jajahan masih keneh napel pageuh dina uteuk. Nu matak, sagala rupa nu datangna ti luar negeri, biasana dianggap leuwih alus ti batan produk dalam negeri, sok sanajan can tangtu kitu. Nya sikap mental inferior atawa rendah diri ieu pisan anu dimangpaatkeun ku para pebisnis luar negeri pikeun ngeduk kauntungan anu mucekil di Indonesia.

Sistem nu dipake ku Playboy ge teu jauh ti kitu. Sedengkeun dina sistem bisnis model waralaba, aya standar nu teu bisa diongget-ongget. Mun dina kadaharan, biasana resep atawa racikan bungbu teu kaci beda-beda, kudu sarua. Hartina, lamun urang dahar goreng hayam Kentucky di Indonesia, eta teh rasana pasti sarua jeung Kentucky di Amerika, Eropa, atawa di nagara mana wae. Atawa lamun nginum Es Teler 77 di Jakarta, rasana pasti sarua jeung di Bandung, Cirebon, atawa di mana wae tempat nu make ngaran eta.

Kumaha ari media? Sarua bae. Aya rambu-rambu nu jadi kawijakan perusahaan, anu teu bisa diongget-ongget. Filosofi perusahaan induk wajib diterapkeun ku perusahaan-perusahaan mitra anu kabeungkeut dina sistem franchise alias waralaba. Geuning Playboy Indonesia edisi munggaran teu singna jiga Playboy Amerika? Teu aya istri bulucun? Bisa wae ieu teh mangrupa salah sahiji strategi dagang. Ku sabab masih keneh harengheng, keun we ayeuna mah menuna teu kudu maksa persis ‘ninina’. Engke mun geus parohoeun, geus teu harengheng, geus teu jadi padungdengan, saeutik-saeutik mimiti dirobah, nepi ka gembleng wujudna, sakumaha nu dipikahayang kunu boga merek. Nya bulucun tea meureun!

Analogina, lamun goreng hayam di Amerika teu make kejo, pan di urang mah dimodifikasi jadi aya kejoan, sabab urang Indonesia mah mu dahar hayam pasti jeung sangu, lain jeung frenchfries (goreng kentang). Hartina aya toleransi pikeun ngadumaniskeun produkna jeung warna lokal. Ka hareupna saha nu nyaho, menu sangu teh dileungitkeun, sabab ayeuna ge urang Indonesia geus mimiti loba nu ‘nga-holland’ (istilah indung kuring), nyeta-nyeta teu beuki sangu.

Lamun ieu oge diterapkeun di media (Playboy Indonesia), gede kamungkinan sababaraha taun nu bakal datang urang bakal bisa nyaksian wanoja-wanoja Indonesia ‘mejeng’ di dinya bari teu make baju sama sakali. Pan ayeuna oge dina majalah luar negeri mah geus aya sababaraha mojang Indonesia nu dipotret tataranjang. Salah sahijina kungsi diwawancara dina TV. Ih, da teu riuk-riuk semu era atawa kagok, malah katempona teh kalah jiga nu reueus!

Lamun kitu kajadianana, saha atuh nu kudu tanggung jawab? Saha anu kudu ngalelempeng? Sarerea! Pamarentah, ulama, guru, pejabat, media masa, ormas, partey politik, kaasup urang salaku pribadi-pribadi. Dasar-dasar kaagamaan katut moral budi pekerti asana salila ieu geus jadi nomer ka sakitu dina enggoning ngadidik generasi ngora (jeung generasi kolot). Loba budak nu diabur sadaekna, diwowoy ku materi, bari jeung teu dipalire soal ‘kesejahteraan’ ruhanina. Boro-boro mun dicepret alatan teu daek ngaji, upamana. Apan kajadian, jaman ayeuna mah loba nonoman, kaasup nu geus rarumah tangga, malah geus baroga anak, teu nyaho di alip bingkeng. Atuh rek kumaha bisana ngadidik sual agama ka anak-anakna ari maranehna sorangan sakitu kabuktianana.

Alokasi pelajaran agama di sakola kacida samporetna. Ditambah deui ku mahabuna infiltrasi media (domestik jeung luar negeri) anu kalolobaanana nimbulkeun pangaruh goreng kana perkembangan psikologis barudak (jeung kolot oge), anu nungtun kana gaya hirup hedonis (mangeran kana kasenangan dunya). Ku kamajuan teknologi, informasi bisa diakses kalawan gampang bari jeung euweuh filter pisan. Sakalina aya majalah porno medal, pamarentah (pusat) anu dipiharep tangginas mere respon, kanyataanana jiga nu api lain. Jiga nu norek.

Jadi kudu kumaha atuh? Nya ari pamustunganana mah tangtu gumantung kana sikep kolektif urang salaku hiji bangsa anu tangtu bae teu ngarepkeun jadi bangsa nu ancur-ancuran, teu puguh identitasna. Bangsa nu tengtrem kerta raharja, diwangun ku mental anu kuat didadasaran ku ajaran agama katut moral. Hartina, kabeh elemen bangsa kudu sauyunan, babarengan ngungkulan rupa-rupa masalah anu karandapan ku urang ayeuna. Lamun teu kitu, nya kari tungguan we naon-naon anu bakal karandapan atawa tumiba ku urang, anak urang, incu urang, katut generasi nu bakal datang. Mangga aremutan!

Manawi Manawi aya rerencangan anu hoyong diajar bisnis dina internet, lah gampil pisan etamah da ayenamah tos seer buku anu ngabahas tetang bisnis online atanapi saur istilah sundanamah bisnis anu te aya erena hayuh nga ngageder kumaha ge cai di walungan eta oge ketang lamun nuju musim hujan, mung upami nuju musim panas mah duka tuing tahh duka aya duka eweh cai teh, eh kalah ngabhas cai atuhh kalah ngalantur kaditu kadieu, nya maklum lah da urang sunda mah sok seer wadul kaditu kadie nya, nya cuang uihan deui kana pokok masalah.
diajar bisnis dina internet mah gampil pisan atuhh, anjen atanapi silaing kantun milarian bukuna dina mbah google we pilarian ku kata konci anu dipika hoyong, misalakan hooyng buku panduan bisnis online nya kantun nyerat dina kotak google panduan bisnis online pasti didinya seer anu nyadiaken buku gratis kanggo belajar, ngan upami nuju diajar bisnis tong merasa minder jeng sungkan sabab biasa upami dina perjuangan mah seer cocobi sareng mamalana, upami hoyong sucsesma kedah gaduh prinsip jangan pernah menyerah maju terus pantang mundur.

Kalayan ucapan basmalah urang sunda bade ngawitan ngeblog leawat blogger/blogspot anu di sadiaken kalayan gratis te perlu bayar.
simkuring sareng sapara kanca nyuhunken pido'anya ti para blogger supados blog ieu masihan manfaat kanggo urang sararea khususna mah kanggo urang sunda anu sok resep kan ngeblog, timimiti ujung kulon dugi ka ujung wetan hayu cuang galaken kebersamaan supados sagala persolan janten gampill. tah sakitu we ucapan ti pribados eteng etang kawitan nyerat, anu cek bahas orang aisng namah itung itung welcome
salam we kasaday urang sunda nya, sok jaradi jalmi anu sarukses.
wassalam budak sunda thea (asep mukri)

Share

Widgets