Hirup di dunya saliwat
Anu beunghar anu malarat
Heunteu cacah henteu pangkat
Henteu menak heunteu rakyat

Heunteu budak henteu kolot
Sakur anu hirup maot
Kabeh oge bakal maot
Pasti ngalaman maot

Lain wungkul aki-aki
Lain wungkul nini-nini
Sanajan karek bayi
Sakabehna bakal mati

Sanajan pangkatna Abri
Sanajan pangkat polisi
Sanajan pangkatna mantri
Wadana maot oge bupati

Para dokter , para suster
Para sinder, oge si mister
Tentara atawa militer
Maot teu bisa diteler-teler

Para jaksa , pangusaha
Anu aya, anu usaha
Sanajan pinuh wiwaha
Maot teu bisa disaha-saha

Sing dalang oge sinden
Sing guru oge dosen
Sing si ujang sing si nenden
raden Maot oge presiden

Kabeh doctor, oge koruptor
inivator, tukang motor
Motivator, tukang molor
Diktaktor Maot oge Propesor

Kabeh insinyur, tukang sayur
Derektur, oge kondektur
Instruktur, tukang ukur
Maot henteu bisa diundur

Anu pakir, anu kikir
Oge supir, tukang parkir
Tukang mikir, anu kapir
Maot teu bisa dipikir-pikir

Tukang bobok tukang tarok
Tukang mabok tukang atrok
Tukang ngabobok liang orok
Maot teu bisa disogok

Sanajan bangsat tukang maling,
Anu jina anu ngalawading
Tukang ngaji , tukang eling
Maot teu bisa dialing-aling

Sanajan kiayi sanajan santri
Sanajan priyayi pramugari
Sanajan putri pramuswari
Maot pasti sanajan anak mantri

Para pemborong , anu sombong
Tukang ngabohong, tukang gisong
Anu lolong, anu ompong
Maot teu bisa dientong-entong

Categories:

One Response so far.

  1. Unknown says:

    lers pisan eta.ppatahna
    salam dulur.

Leave a Reply

Share

Widgets