Hei anaking , anak ama
Poma hidep kudu beragama
Islam sebagai agama
Cecekelan hirup jalma

Cekel pageuh kaislaman
Sing panceug na kayakinan
Ulah rengat kaimanan
Nepi akhir kahirupan

Maot euweuh nu nganyahokeun
Peupeujeuh sing ditengetkeun
Hirup tarapti awalkeun
Ibadah tong diakhirkeun

Ama ikhtiar neanan nafkah
Pikeun bekel hidep ibadah
Supaya hirup merenah
Dunya akherat ngareunah

Hai anaking, anak ama
Geura siapkeun ti ayeuna
Bekel anu kudu dibawa
Ninggalkeun alam dunya

Hai anaking, anak ama
Ama ngarasa sugema
Lamun hidep hirup bagja
Amal soleh nu dibawa

Hai anaking, anak ama
Tuturkeun titah agama
Kudu hade ka baraya
Ka tatangga papada jalma

Omat hirup ulah awuntah
Boga harta ulah dimomonyah
Jauhan anu dicegah
Ku agama jeung pamarentah

Categories:

One Response so far.

Leave a Reply

Share

Widgets